Monday, September 23, 2013

SIMPENAN

Kulantaran simpenanna loba, Aki Dartam mindeng pamér. "Yeuh barudak bisi hayang nénjo, ilikan wéh kartuna" ceuk Ki Dartam bari ngasongkeun kartu, sagepok dibeungkeut ku karet, masing-masing kartu aya nomeran. Aya nu kerung bingung nempo kartu anu loba, aya nu ngacay bakating kabita, aya nu olohok teu ngarti. Tapi kabéhanana ngaku yén enya Aki Dartam teh jelema hébat. " Aki mah lain pamér..ukur méré motipasi sangkan hidep daék usaha saperti Aki" pok na deui. Barudak keprok, Aki Dartam unggut-unggutan.
Tina sagepok kartu, aya hiji anu dipalastikan, dinomeran angka hiji. "Kunaon ieu mah bénten Ki?" ceuk Uing. Kerewek kartu éta dijeuwang, ditangkeup ku si Aki, tuluy ceurik ngabingingik, "hampura Akang, Nyai,, sing tenang diditu" Aki ngaharéwos kana kartu. Barudak keprok, Aki Dartam unggut-unggutan bari nyusutan cimata.

NATURALISASI CINTA

Di hiji rohangan Rumah Sakit di Amsterdam, lalaki tengah tuwuh teu weléh imut ka awéwé kolot nu aya gigireuna. Panonna manco kanu Tv, hawar-hawar sora reporter dipirig ku surak ngawartakeun.."akhirnya Indonésia juara Piala AFF , ini tidak lepas dari peran penting Rudi Sujana, pemain naturalisasi kita". Piala diangkat, lalaki mungkas renghapna bari pok "katebus dosa akang téh Cin..".
Sawatara puluh taun katukang. Bandung mulek kuhaseup, seuneu ngabebela di unggal suhunan. "Ulah lumpat kaditu Cin, ngiring ka Akang, aman !" ceuk Sujana bari ngagéwang leungeun Cicin. Sup kana mobil jip, bius di gas muru puseur dayeuh, anjog ka darmaga. "Cicin bade dicandak kamana kang?" Cicin semu nu bingung, "ka Holland,Akang cinta ka Cicin" Sujana teugeug. "Akang penghianat? Leres Akang penghianat?" Cicin negeskeun. "Akang cinta, Akang cinta !". Duanana teu lémék teu nyarék nepi ka kapal anjog ka Amsterdam.

TUTUNG

''Sing asak-asak nya ngejo bisi tutung tambagana, mamah mah eta wungkul ujang, bisi ujang engke hanjakal ngawin anak mamah'' walon calon mitoha basa kuring nembrakeun eusi hate ngalamar anakna. Nu geulis ukur imut, panona ngadilak matak nurugtug hate. ''moal hanjakal abdi mah, tos asak sagalana'' ceuk kuring daria naker. Sabulan ti harita, der hajat gede, walimahan antara kuring jeung manehna dikaryakeun. Salila di korsi panganten, uteuk mah geus nineung ranjang panganten, teu sabar hayang geura peuting.
Peuting eta caang bulan opat welas, kembang mawar lir hujan, mawur ti luhur. Tapi ngan semet eta. Bulan ngadadak samagaha, kembang mawar jadi sareungi. Duka timana asalna buah koldi ngadadak nangklok dina tikoro pamajikan. Tulang iga na oge bet leungit hiji. Kuring ngorejat,ngoceak, ''mamah..tulung,,tulung,,tambaga teh tutung !''.

BUJANG

Anu ngantri parasmanan lir nu
ngantri meuli béngsin, sora anu
ngobrol pagaliwota kontréngna
séndok jeung piring. Asa jadi raja,
di geberan hihid raksaksa, di
makutaan totopong beureum
Jang Ahmad imut ka unggal tamu
anu sasalaman, pakupis jeung
ngodok pésak ngamankeun
amplop. Rét ka gigir, euweuh
sasaha, kalangkang ogé langka.
Leng kapiuhan.

SOLUSI

"Mah...ningali konci mobil?"
"diluhur meja papah.."
"papah angkatnya mah.."
Kang Aton gura giru mangkat, buru-buru ngudag waktu. Tapi
teu pati lila balik deui,,"mah..pami tas anu hideung mana nya?"
"ieu papah..." teh Sesan imut bari ngajingjing tas ransel hideung,tuluy dicangklekeun dina taktak salakina.
"untung aya mamah.." celengok Kang Aton nyium pipi Teh Sesan
"muhun atuh...istri adalah solusi" ceuk Teh Sesan bari nyorohkeun pipina. "ah..mamah mah..solusi naon?" Kang Aton melong,
"da leres istri adalah solusi" tembal teh sesan.
Sabulan Kang Aton diluar kota. Sabulan bada harita Teh Sesan gawe ngan huleng jentul, teu wasa mun lalajo TV, unggal
mindahkeun saluran Tv breh beungeut salakina,breh deui mahasiswi, breh artis,breh model.
Basa teh sesan manggihan Kang Aton di tahanan, Teh Sesan ngaharewos ka salakina,,"papah sanesna minimal teh opat?geuningan
dugi puluhan?"
"papah mah saukur milari solusi, apanan saur mamah istri adalah solusi"

IKLAN

Gembreng...!!! Aquarium peupeus, cai ngabayahbah di ruangtamu, Si Jalu olohok bari nangkeup bal kameumeutna. "Kusaha ieu ?!'' , "Aa lagi latihan abah..."
Basa poe minggu kamari Nini na si jalu manasik Haji. Cenah latihan Tawaf, ngurilingan kardus nu dijieun mirupa KA'bah. Manasik Tawaf wungkul kulantaran kaburu hujan gede. Gembreng...!! Kaca jandela ruang tamu peupeus. "Kusaha ieu?!", "Ema lagi latihan ujang.." Si Ema olohok bari nangkeup keler pinuh ku karihkil kameumeutna.

JONGOS

Na ari bapa,aya kutega-tega teuing.
Poporongos ka mamah kawas ka jongos, siga lain ka pamajikan.
Apanan mamah teu lepat-lepat teuing, ukur sakedik pami lepat oge.
Wios wae atuh lancingan panjang aya jalan kareta, apanan nyetrika na oge rurusuhan.
"papah...enggal, janten henteu uleman teh?" ibu ngagorowok.
Bapa jamedud. Ibu nyampeurkeun. "bibi didieu keneh?, lain geuwat ka pasar !" teugeug. Uing nungkupan sirah ku bantal. Leweh.