Monday, September 23, 2013

SIMPENAN

Kulantaran simpenanna loba, Aki Dartam mindeng pamér. "Yeuh barudak bisi hayang nénjo, ilikan wéh kartuna" ceuk Ki Dartam bari ngasongkeun kartu, sagepok dibeungkeut ku karet, masing-masing kartu aya nomeran. Aya nu kerung bingung nempo kartu anu loba, aya nu ngacay bakating kabita, aya nu olohok teu ngarti. Tapi kabéhanana ngaku yén enya Aki Dartam teh jelema hébat. " Aki mah lain pamér..ukur méré motipasi sangkan hidep daék usaha saperti Aki" pok na deui. Barudak keprok, Aki Dartam unggut-unggutan.
Tina sagepok kartu, aya hiji anu dipalastikan, dinomeran angka hiji. "Kunaon ieu mah bénten Ki?" ceuk Uing. Kerewek kartu éta dijeuwang, ditangkeup ku si Aki, tuluy ceurik ngabingingik, "hampura Akang, Nyai,, sing tenang diditu" Aki ngaharéwos kana kartu. Barudak keprok, Aki Dartam unggut-unggutan bari nyusutan cimata.

No comments:

Post a Comment