Monday, September 23, 2013

MESIN WAKTU

Rengse berjamaah Isya teu tuluy mulang, goledag ngagoler deukeut panto Masigit. Gorejag hudang, geuning leungeun geus ditalian. Ret ka gigir lalaki baloboran getih, lebah tukang sora nu ngoceak, anu hareupeun teu walakaya,seuneu ngabebela, bandera dibeuleum,gambar arit sapotong. "Paehan..paehan.. !! sora na pikasieuneun, "geura lumpat ujang'' nu baloboran getih ngaharewos, nguniang hudang, dipohpor ku bedil, kuring ngorejat, Astaghfirulloh ngimpi. Praang..kaca panto masigit peupeus, batu sagede peureup orok ninggang kana tarang,,hawar-hawar nu ngagorowok Bakar..bakar..Kapiuhan. Bray beunta..lalaki baloboran getih nyerengeh,,ngaharewos, saha nu teu boga Gusti?

No comments:

Post a Comment